GEMPUNGAN KI DALANG JEUNG BANGSA WAYANG
(Milangkala nincak ka taun ka-4 Dewan Kesenian Galuh
Ciamis | Kumaha nasibna?)
Ku : Gohex Oemar Bakrie
Kacaturkeun
di lembur singkur jauh pangukur, … keur kumpul Ki Dalang jeung wayangna,
ngaguar pakasaban hirup ngalalakon lakon hirup ngalalakonkeun carita lalakon
alam pamayangan. Dina mangsa nu katalangsara, … ku kaayaan nu nyangsarakeun
hirup merjoangkeun pangagung dina pengkuhna kabutuh kana kasajatian wayang anu
ngoleser ngageser kana seleser. Geus puguh hirup walurat hese ngaronjatkeun
duriat lantaran kaayaan dunya nu malarat. Sangkan kambuh lakon gawe, … meh
unggal usik Ki Dalang ngulisik ngagisikkeun panon anu pinuh kikisik. Dur
sa-salembur ear sa-kota, … Ki Dalang ngayakeun gempungan jeung baraya-baraya pangeusi
kotakan wayang.
Ki Dalang : “Duh, … kumaha yeuh kuring ngamimitian ieu
gempungan, dulur-dulur sakabeh pangeusi alam pawayangan? Geuning, … laku lampah
urang dina kaayaan dunya anu sakieu lemah tanpa daksa seudeung urang kudu terus
nanjeurkeun lalakon anu jadi bagean tina pakasaban urang sakabeh. Lamun tea
mah, … ieu pakasaban teu bisa diperjoangkeun ku urang sarerea, moal boa urang
teu bisa manggung deui dina usaha urang ngalestarikeun hiji-hijina warisan
luluhur ti alam pawayangan sangkan jadi conto bagi rahayat dunya”.
Yudistira : “Naha kudu kumaha kitu Ki
Dalang, … pan kami mah bagean anu digerakkeun jeung diigelkeun ku leungeun Ki
Dalang. Sok wae usahakeun naon anu bisa diusahakeun pikeun pangeusi kotakan
wayang, … sangkan bisa nyuprih lampah anu hade tur jadi gawe”.
Ki Dalang : “Memang
ari diudag kadinya mah, rumasa kuring teh anu ngigeulkeun sakabeh pangeusi
kotakan wayang. Tapi dumasar kana sakral anu geus disusuhun ku kuring jeung
para Dewa, dina kasanggupan kuring mintonkeun aranjeun sakabeh pangeusi
kotakan, … yen para Dewa omat-omatan ulah rek kudu dijadikeun pakasaban hirup
pikeun kuring jang ngajual lalakon wayang ka rahayat anu butuh ku conto lalakon
kahirupan alam pawayangan … kusabab pangeusi kotakan teh nyaeta aranjeun
sakabeh titisan ti para Dewa”.
Yudistira : “Terus
nu jadi masalah na kumaha?”
Ki Dalang : “Nyaeta
atuh, lamun kudu dibejakeun mah yen kuring geus beak dengkak, … paribasana jang
nyunyuhun aranjeun sakabeh kukurilingan mapay-mapay lembur rahayat dunya teh, …
kuring geus tunggul koredas ngajual sakabeh harta banda anu dipiboga ku kuring
baheula. Tapi kaayeunakeun, … kulantaran pamenta rahayat dunya ka kuring dina
mintonkeun lalakon alam pawayangan sakitu lobana, … meh unggal usik ti wetan,
ti kulon, ti kaler, ti kidul … haying kapintonkeun lalakon anjeun sarerea, …
nya kuring dina waktu ayeuna teh geus teu boga tanaga deui pikeun nyunyuhun
aranjeun ku kareta kuda kusabab modalna geus tilar dunya”.
Arjuna : “Naha atuh geus kitu mah
ulah papaksa Ki Dalang, … anteurkeun wae kuring sakabeh pangeusi kotak pikeun
balik ka para Dewa tempat kuring jaga dipulasara”.
Ki Dalang : “Nya
kitu Arjuna, … lain teu kapikir ku kuring ka palebah dinya. Kuring teh rumasa
yen rahayat dunya masih keneh perlu ku conto-conto lalakon kahirupan aranjeun
pangeusi kotakan, … utamana alam pawayangan anu pinuh ku kamulyaan hirup. Seudeung
rahayat dunya dina waktu ayeuna, … bener-bener aya dina mangsa anu
katalangsara, ku pamohalan alam dunya kiwari … geus teu matut ceuk ukuran dunya
oge ukuran sawarga. Nah, … kuring teh lain teu boga pilampaheun pikeun memeres
pasoalan anu jadi cukang lantaran mandegna tanaga nu dipiboga. Aya hiji cara, …
anu bisa ku urang sarerea dipilampah, sangkan bisa merjoangkeun kumbuhna
lalakon urang dina enggoning mere conto-conto hade ka rahayat dunya”.
Bima : “Ke
… ke … ke, … ari kira-kira pikahartieun mah jeung matak mawa maslahat kana
perjoangan urang balarea, … kira-kira naon cara anu bias dipigawe ku urang
balarea, Ki Dalang?
Ki Dalang : “Nyaeta
atuh, … kuring teh asa heurin ku letah. Ari dicaritakeun, sieun matak jadi
katalangsara pikeun urang sarerea. Ari henteu, da kumaha nempo kaayaan rahayat
dunya anu sakieu katalangsara dina kaayaan dunya anu sakieu ayana”.
Bima : “Lah,
… caritakeun we Ki Dalang, da kuring balarea gen boga pangrasa. Kira-kira
katalangsara mah ulah dirasa, … tapi sabalikna kira-kira mawa bagja mah hayu
urang saba saparakanca”.
Ki Dalang : “Nya
atuh, … ari kira-kira bisa dirarasa mah erek atuh ku kuring dicaritakeun ka
aranjeun balarea. Kieu, … rumasa kuring teh geus teu wasa kusabab geus teu boga
tanaga jang ngahirupkeun lalakon urang sarerea. Tapi, … aya jalma salian ti
kuring anu bisa mere tanaga jeung rosa usahana
kana merjoangkeun sangkan beresna dunya. Nu jadi masalah, … ieu jalma samemehna
teu boga basa jeung para dewa. Sedeung, … para Dewa samemehna ngan ngabasakeun
kapercayaanna ka kuring pikeun ngajalankeun tekad pamohalan ngalalakonkeun
conto kahirupan alam pawayangan ku lalakon aranjeun sarerea”.
Yudistira : “Ke,
Ki Dalang … Saha rupa eta jalma anu boga tanaga jeung rosa
usahana pikeun ngahirupan lalakon urang balarea?”
Ki Dalang : “Ki
Lurah, … pamingpin manusa”.
Saharitaeun,
… cep jempe sakabeh wayang pangeusi kotak, teu beda jeung Ki Dalang anu
ngarumas dina hatena rasa hanjakal nu taya papadana, … kulantaran manehna tas
balaka saha jalma anu dipihareup ku manehna bisa dijadikeun tanggelan keur
ngarojong kana pamohalan dirina dina enggoning memeres masalah dunya nu keur disusuhun
ku dirina.
Yudistira
surti kana kaayaan nu lumangsung dina waktu harita. Sabari memeres raksukanna,
reg nangtung ngalengkahkeun sampean na muru kotakan wayang nu aya di juru
kareta kuda.
Yudistira : “Wa
… Wa … Wa Semar Badranaya, … cik punten kadieu heula ulah nyumput wae dina
kotakan, … kuring butuh ku Uwa”.
Semar Badranaya
kaluar tina kotakan wayang dituturkeun ku Si Cepot, Si Dawala, jeung Si Udel.
Solongkrong, … Semar jeung jeung barudakna nyembah ngadeuheus ka Yudistira anu
tos calik deui di lebet kalang gempungan.
Semar : “Aya
pikersaeun naon Aden,
… rumaos Uwa teh kajongjonan kulem dina kotakan patindih-tindih jeung barudak”.
Si
Cepot : “Heueuh, … aya naon deui atuh Agan Yudi the ngagegero urang, …
padalah kuring the keur ngeunah-ngeunah sare di jero kotakan pagegeye jeung
Srikandi. Anjir, … mangkaning uing saumur-umur kakara ngalaman sare bareng
jeung Srikandi, … bari
kelek kuring pas nampeu pisan kana raray Srikandi”.
(Harewos Si Cepot ka Si Udel gigireun na)
Si
Udel : “Ah, … ari Si Aka mah! Cicing jempe, … lain kupingkeun tuh Bapa
keur cumarios ngadeuheus ka Agan Yudi”.
(Tembal Si Udel ngingetkeun lanceukna bari semu seuri)
Yudistira : “Kurig
teh perlu pisan pandangan Uwa, … ngeunaan hiji perkara anu ayeuna ku
dulur-dulur kuring di dieu jeung Ki Dalang nuju dibadamikeun dina acara
rempugan ieu. Ki Dalang, … ti payun tas ngebrehkeun katunggara dirina kana
kaayaan nu sakieu balukarna jang nyumponan hirup kumbuhna igel lakon urang di
dunya, … salaku duta jang ngebrehkeun conto-conto kahirupan alam pawayangan
sangkan kaayaan manusa di dunya bisa beres repeh rapih sakumaha nu dipiharep ku
Ki Dalang salaku umat manusa. Ti sagedengeun eta, … dina mangsa Ki Dalang geus
teu bisa deui ngusahakeun tanaga jang ngahirupan lakon urang pangeusi alam
pawayangan, … Ki Dalang nyodorkeun Ki Lurah pamingpin manusa anu baris mere tanaga
sangkan naon anu keur dipilampah ku urang jeung Ki Dalang bisa terus jalan
pisakumaha anu biasa ku urang dilakonan ku carana kukurilingan entreup di hiji
lembur ka lembur lainna. Tapi masalahna Uwa, … sugan pandangan Uwa, … kira-kira
moal jadi matak lamun Ki Lurah pamingpin manusa mere tanaga ka urang sarerea
pikeun milampah eta pagawean, seudeung para Dewa ti heula paheut janjina ukur
ka Ki Dalang?”
Semar : “Eleuh
… eleuh Agan, … ke punten, dupi Agan manawi kagungan pamadegan nyalira ngeunaan
eta perkara?”
Yudistira : “Nya
pandangan kuring mah Uwa, … dumeh urang balarea salila ieu geus diragragkeun ka
dunya ku para Dewa kana kotakan wayang nu dipiboga ku Ki Dalang, … nu samemehna
kuring sorangan gen teu apal naon niat patekadan para Dewa sangkan urang hirup
pagigilisik dina kotakan nu sakieu heurin na, diusung-usung … diigel-igel …
dipintonkeun lakon urang ka rahayat dunya. Kiwari, … kuring manggih kasadaran
yen teu sapira-pira para Dewa ngaragragkeun urang balarea, … sangkan urang
nyuprih lampah kahadean jang jadi conto alus ka umat manusa pikeun urang mawa
amal kahadean anu jadi beukel urang balik ka sawarga, … jadi wayang anu
paripurna”.
Semar : “Tah
… tah … tah, … eta pisan Agan. Naon anu janten pamadegan Agan ngeunaan perkara
eta, … eta pisan anu jadi pandangan para Dewa dina mutuskeun perkara pikeun
urang sadayana. Titah Agan … eta pisan anu janten titah para Dewa, … sabab Agan
kedah yakin jeung sadar yen Agan the titisan ti para Dewa. Ti sagedengeun eta,
… Uwa gen atuh Agan, … da tos betah hirup ragrag di dunya teh, … malihan Uwa
the pendak jodo na sareng gaduh budak Uwa Si Cepot, Si Dawala, Si Udel … masing
oge maranehna garagal, tetep nya alatan ku diragragkeun ka dunya diigelkeun ku
Ki Dalang”.
Si
Cepot : “Euh ari Si Bapa, … abong kena meunang jodo di dunya, … puguh teu
payu di sawarga, matak dijodokeun ku Ki Dalang ge da karunyaeun, … jadi we uing
nu nanggung goreng na patutna. Coba mun Bapa kawin di sawarga jeung widadari, …
meureun uing teu goring patut caran kieu. Nya, … sakurang-kurangna atuh caran
Agan Arjuna kakasepna, … sanes kitu Agan?”
(Bari
ngareret ka Arjuna)
Arjuna : “Gandeng
siah Cepot, … lain mangsana heureuy”.
“Ke … ke …, punten Uwa
Semar, kuring asa teu panuju lamun kitu carana mah. Pikeun kuring, … Ki Lurah
teh bangsa deungeun nu teu apal kumaha carana ngarumas lalakon wayang, … beda
jeung Ki Dalang. Ku kituna, … boh bisi salah ancrub jeung aya itikad atawa
patekadan lain nu teu sapagodos jeung lalakon urang, … asa moal kitu
ngabahayakeun kana kasajatian lalakon anu ku urang keur dipilampah ieu?”
Semar : “Nya
upami pandangan Uwa mah … teu aya lepatna, Kasep! Namung, saupami memang hal
ieu tiasa ngajantenkeun pacengkadan, … kumaha upami hal ieu diputuskeun ku sadayana ku cara
nangtukeun sikep masing-masing?”
Bima : “Heeuh
… heeuh, alus kitu … kuring panju ku cara Uwa. Sikep kuring sorangan, … kuring
sapagodos jeung naon anu diutarakeun ku Akang Yudistira”.
Yudistira : “Kumaha
atuh Ayi Nakula jeung Sadewa, pamadegan sareng sikep hidep masing-masing? …
Dikupingkeun the asa teu acan nyarios ti tatadi”.
Nakula : “Abdi
mah panginten, … ngiring wae kana pamadegan Akang, … mana kitu gen panginten
Sadewa sapamadegan sareng abdi, sanes kitu Lur?”
Sadewa : “Nya
leres pisan”.
Yudistira : “Tah
atuh ari kitu mah tos pada-pada nembongkeun sikep pamadegan masing-masing, …
tinggal urang ngalaksanakeun sing soson-soson ulah aya gantar kakaitan anu
matak ngaruksak lampah laku urang ka hareupna, … boh bisi ku hal eta bisa
ngaleungitkeun itikad hade urang balarea anu baris matak jadi ngagugurkeun amal
kahadean urang jaga balik ka sawarga”.
“Ka Ayi Arjuna, … sok
bilih masih keneh jadi hahalang kana pamadegan Ayi dina enggoning lumampah
ngalalakon bareng jeung Ki Lurah pamingpin manusa, … Akang percaya ka Ayi, wios
atuh Ayi mah sareng Garwa samentawis ieu mah lebet heula kana kotakan wayang
sajeroning akang jeung dulur nu lain mintonkeun lalakon alam pawayangan, … da
carita mah bisa diatur ku Ki Dalang, … lain kitu Ki Dalang?”
Ki
Dalang : “Leres pisan, … abdi panuju. Ngan et amah sing pada-pada percanten
we antawis aranjeun nu baris ngalakonkeun alam pawayangan sareng kuring anu
baris ngatur lakon di pengkeureun panggung. Mudah-mudahan wae naon anu
dipihareup pikeun alam sawargi sareng kaberesan di dunya, … tiasa ngawujud dina
kerjasama anu sae sareng silih percaya antawis urang sadayana”.
Semar : “Ke
atuh, … manawi saha nu baris ngadeuheus ka Ki Lurah pamingpin manusa?”
Yudistira : “Wios
atuh Ki Dalang nyalira, … abdi percaya ka anjeunna”.
Ki
Dalang : “Nya panginten ari sadayana to mufakat mah, ayeuna keneh pribados
rek ngadeuheus ka Ki Lurah pamingpin manusa”.
Si
Cepot : “Ke … ke … ke heula Ki Dalang, … cikan pangmentakeun gedong wayang
we atuh sakalian ka Ki Lurah teh!”
Semar : “Alah,
… nanaonan sia teh Cepot, rea pamenta pisan atuh”.
Cepot : “Eh,
… lain kitu Bapa. Tah ieu … ieu kolot nu teu wijaksana teh. Lain sok karasa boh
ku Bapa atawa ku urang-urang yen hirup dina jero kotakan the sakitu heurin ku
tangtung? Pagulisik teu pikabeutaheun.
Coba we emutan ku Bapa, … uing mah sok mangkarunyakeun lamun geus aya semah
pangagung urang, boh Agan Batara Kresna atanapi nu lian na, … kedah
ditempatkeun dina kotak nu sakitu heumpikna? Sok, emutan ku Bapa … kadang bujur
Si Dawala mah da tara daek cicing sok matak teu sopan ka Batara Kresna dina
ninggang mangsa dudupak kana siraheunnana, … uing nu sok matak era nu jadi
lanceukna. Ongkoh eta Bapa gen, … naha
teu ngarasakeun lamun aya kahayang jeung Ema?”
Semar : “Naha ngarasakeun naon
siah, Cepot? Da aing mah teu boga rarasaan nanaon lamun jeung indung sia!”
Cepot : “Alah
Si Bapa mah, … apan rajeun lamun sok kadatangan kahayang ngajieun barang nu
sakieu goreng patut caran uing, … piraku Bapa kudu ngarangsek dina jero
kotakan? Jeung deuih Bapa mah tara ngarasakeun
kana rarasaan sakabeh pangeusi kotakan dina mangsa kaluar hiji pangadatan
Bapa?”
Semar : “Na
pangadatan naon kitu anu matak tagiwur sakabeh pangeusi kotakan the? Da
rarasaan mah asa teu boga pangadatan anu teu galib jeung balarea”.
Si Cepot : “Alah,
ari Semar Mendem?! … Bapa mah tara ngarasa, …
yeuh kuring nu sok ngarasa mah. Sakakpeung sok isin ku Agan Yudi sareng
saparakanca, … jeung nu ripuh pisan mah ku Si Udel … da si eta mah sok tara tahan kana babauan. Lamun Bapa hitut teh, tara sakara-kara si eta mah sok pingsan! Atuh kuring anu
kudu nguruskeun mere napas buatan ka manehna”.
Yudistira : “Ke
… ke … ke Cepot, naha
lamun urang menta dipangjieunkeun gedong wayang apa teu matak engkena rahayat
manusa moal rea anu ngalalajoan lalakon pawayangan urang?”
Si
Cepot : “Atuh manawi dipercanten mah Agan, … da pintonan rahayat teh sanes
saukur lakon wayang urang wae”.
Yudistira : “Naha bisa kitu?”
Si
Cepot : “Aduh, punten sateuacan na Agan … nya wirehna upami Agan sareng nu
sanesna mah dina waktos teu manggung sok kalan waktos teh dianggo latihan
dialoh sareng istirahat dina lebet kotakan, … da abdi mah sok rajeun turun
susulumputan tina kotakan teras sok ngahagalkeun jalan-jalan muru patempatan
manusa wirehna sok panasaran salami ieu diemutan ku abdi yen naha ari bangsa
urang sok dilalajoanan ku papada manusa, seudeng ari urang sorangan teu bisa
ngalalajoanan bangsa manusa”.
Yudistira : “Kumaha
atuh sapamanggih maneh Cepot ngeunaan tongtonan manusa salian ti lakon wayang
nu sering dipintonkeun ku urang ka bangsana manusa?”
Si
Cepot : “Ih Agan, … mani sok kataji sareng sok hoyong seuri pribados mah ku
tongtonan manusa the. Di patempatan manusa nu disebut rohangan imah, sok aya
kalana manusa lalajo televise. Nu ieu mah tara
didalangan sapertos urang-urang. Aya sababaraha paguyuban anu mintonkeun
acarana teh, diantawisna aya RCTI, SCTV, TPI, INDOSIAR, ANTV sareng seeur nu
sanesna. Nu aneh mah tongtonan sarupaning lalakon urang the sok kalana aya
dipintonkeun ku hiji paguyuban anu namina TVRI Bandung. Ari dalang na teh tos
kakoncara, … upami teu lepat mah wastana Asep Sunandar Sunarya. Jeung deui
pribados mah sok hoyong seuri upami ningali pribados nyalira diigelkeun ku Ki
Dalang Asep Sunandar Sunarya, dina tongtonan eta pribados sok dipintonkeun
kawenginakeun. Jeung dina ninggang pribados kabagean manggung, sok rajeun nu
nongton teh ngadak-ngadak minuhan … teras we pada-pada gumujeng nyengseurikeun
pribados. Tos we dina tongtonan wayang nu dipintonkeun ku Ki Dalang Asep
Sunandar Sunarya mah kuring teh kaetang primadona na wayang, da saur bangsana
manus amah … wayang teh moal aya nu nonton lamun teu aya Si Cepot. Naha atuh nincak di dieu
mah, kuring teh diigelkeun ku Ki Dalang ngan saukur nutur-nutur bujur Bapa
Semar … jadina di dieu mah kuring teh lain primadona wayang na”.
Yudistira : “Baruk
kitu nya Cepot. Cik naon deui tongtonan manusa salain ti nu disebutkeun ku
maneh tadi? Naon tadi the pipi … pipi kitu kadengena?”
Si
Cepot : “Televisi, Agan! … Aya deui salian ti televisi teh anu disebatna
VCD sareng DVD. Tah et amah sok mintonkeun lakon-lakon kahirupan manusa
sapertos anu sering dilakonkeun ku papada urang sadayana. Nu paling resep
kanggo pribados mah, … lamun nincak di wanci tengah peuting sok rajeun manusa
nyetel pintonan anu sering dilakonkeun ku Bapa Semar jeung Ema dina mangsa aya
kahoyong ngadamel rupa sapertos kuring”.
Semar : “Dalah
eta Si Cepot, … naha
sia teh terus neteuli wae ka Bapa maneh sorangan? Ngan hayoh we dicaritakeun
hal nu teu patut dicaritakeun ngeunaan indung bapa maneh sorangan!”
Si
Cepot : “Hampura we Bapa, da kuring mah can pernah kumalaku saperti nu ku
Bapa jeung Ema dilakonan, iwal ti nyobaan di puser kota anu disebut alun-alun …
bari jeung kudu mayar eta gen”.
Si
Dawala : “Aduh Si Aka, mani teu ngajak-ngajak ka kuring, … engke mah mun rek
nyobaan deui kadinya, … kade kuring ajakan!”
Si
Cepot : “Heeuh, gandeng! … keun heula et amah”.
“Tah kitu Agan, …
sapamendak pribados eta gedong anu disebat bioskop teh da raraosan mah tos tara dianggo kanggo mintonkeun felem. Saena mah, …
disuhunkeun wae ku Ki Dalang ka Ki Lurah pamingpin manusa, sakantenan Ki Dalang
baris ngadahup mah”.
Yudistira : “Oh,
… baruk kitu nya Cepot. Jadi anjeun yakin yen lamun urang netep pikeun
mintonkeun lalakon pawayangan dina eta patempatan, … bangsa manusa baris rea
daratang lalajo lalakon urang pikeun mere conto ka maraneh na?”
Si
Cepot : “Ah, … yakin mah heunteu Agan. Tapi nya atuh Agan, daripada urang
kukurilingan wae … bari
Ki Dalang ngamodalan teu sabaraha mah, mending keneh netep. Tos puguh aya mu
masihan tempat jeung modal. Teras ti sagedengeun eta, … teu tangtos yen sadaya
bangsa manusa tiasa robih alam pangadatan na ku nyonto lalakon urang bangsa
wayang, margi rupi-rupi tongtonan nu ditonton ku manusa langkung-langkung seeur
sareng langkung narik perhatosan pikeun bangsa manusa. Nya urang mah ihtiar we
teras, Gan! Mudah-mudahan! Sajabi ti eta, … hal anu kedah dirobih tina
tongtonan urang nyaeta kumaha carana supados tiasa langkung narik perhatosan
bangsana manusa”.
Yudistira : “Kumaha
atuh carana, Cepot?”
Si
Cepot : “Nyaeta atuh Agan, … jantenkeun abdi primadona wayang sapertos
pintonan anu digelar ku Ki Dalang Asep Sunandar Sunarya. Ku hal eta, … wayahna
Agan sing tiasa legawa dina waktosna kageser ku pribados dina mangsa pribados
janten primadona wayang anu bakal narik seeur manusa kanggo lalajo lalakon
pawayangan”.
Semar : ‘Deuleu
eta Si Cepot, … eling sia teh Cepot! Sing sadar kana purwadaksi, … jeung sing
sadar ari sia teh keur cumarios jeung saha?”
Yudistira : “Keun
… keun, Wa. Mana kitu gen Si Cepot teh sugan geus asak elmu pangalana, da maneh
n amah leuwih apal ngeunaan alam manusa tibatan urang-urang nu ngan saukur
tilem na kotakan wayang salila ieu. Cing ceuk pamadegan Uwa sorangan kumaha?”
Semar : “Hapunten
sateuacan na, Agan! Rumaos gaduh budak sakitu calakan na, tapi nya wirehna naon
anu diobrolkeun ku Si Cepot teh tiasa kaharto kanggo Agan tur da butut-butut
gen Si Cepot teh anak cikal pribados, nya naon pisan anu diobrolkeun ku Si
Cepot, … eta pisan anu janten pamadegan Uwa ngeunaan perkara ieu”.
Si
Cepot : “Tuh nya, … Si Bapa mah lamun uing dipuji teh ku Agan Yudi, … sok
rajeun ngakukeun yen kuring budak Bapa, … teu inget waktu uing ngomong … alah
etah hayoh nempasan wae”.
Yudistira : “Nya
atuh ari geus kieu kaayaan na, … ladah dikumahakeun deui. Kuring baris
netepkeun kawijaksanaan wawakil ti para Dewa, … yen urang sakabeh pangeusi alam
pawayangan seja netep di dunya tug dugi keun ka alam dunya tilar taya tapakna.
Sanes kitu, Uwa?”
Semar : “Sadaya-daya,
Gan!”
Yudistira : “Tah
ayeuna mah Ki Dalang, … jug geura ngadeheus ka Ki Lurah pamingpin manusa,
jentrekeun pamaksudan urang balarea ka manehna. Ulah rek nguciwakeun urang
bangsa wayang, lamun embung cilaka tumiba ka alam dunya”.
Ki
Dalang : “Amit mundur kasadayana, atuh!”
Yudistira : “Ka
Uwa Semar Badranaya, … kuring mere tugas sangkan Uwa neangan tempat jang patempatan
bangsa urang hirup kumbuh di alam dunya, sakumaha nu geus dicontokeun ku bangsa
manusa ku cara ngawangun bumi pangcalikan. Urang penta ka bangsana manusa, …
keun pasrahkeun ka Ki Dalang ajang menta ka Ki Lurah pamingpin manusa. Buka
usaha sakamampuhan urang bangsa wayang, pikeun bekel urang salila hirup di alam
dunya. Ngaranan eta tempat ku ngaran “Kampung Wayang Tumaritis”.
Semar : “Sadaya-daya,
Agan!”
Si
Dawala : “Ka, apal teu kunaon Agan Yudi ngaranan eta patempatan ku ngaran
Kampung Wayang Tumaritis?”
Si
Cepot : “Ah, … ceuk kuring mah sederhana. Ari Tumaritis the ngandung harti
patempatan nu tumaninah dina mangsana tiris. Hal ieu ngandung maksud, … yen
dimana urang manggih tiris … kudu milampah naon anu dipigawe ku Bapa jeung Ema
urang dina tempat anu tumaninah”.
Si
Dawala : “Atuh ku ayana kampong mah, … urang-urang bisa kawin saperti
bangsana manusa?”
Si
Cepot : “Nya heueuh, … ari dina hiji hal anu eta mah bangsa wayang jeung
bangsa manusa ngabogaan kahayang sarupa. Tinggal kumaha urang tarekahna, supaya
bisa neangan pi-ema-eun urang ti bangsa manusa anu bener. Ulah kawas nu aya
dina VCD, DVD, jeung di tengah-tengah alun-alun nu kudu mayar. Terus dina
enggoning ngawangun kampong, kudu dibarengan jeung usaha anu nyata supaya bisa
ngahirupan mekarna eta kampung … da lamun teu kitu mah, … kampung teh tinggal
kampung!”
Si
Dawala : “Ck … ck … ck, ari Si Aka lamun geus cumarios sok benten pisan
sareng rarayna! Ke … ke, dupi Aka teh masih titisan ti para Dewa?”
Si
Cepot : “Ah, … kumaha sia! Uing mah … Cepot anak Semar Badranaya”.
“Ka
para seniman, budayawan, tur ka sakumna masyarakat Tatar Galuh Ciamis, hayu
urang raketkeun barisan dina enggoning merjoangkeun ‘Gedung Kesenian Ciamis’,
cikal bakal nanjeurna seni jeung budaya di Tatar Galuh Ciamis”
Ciamis,
31 Januari 2006
1
Muharram 1427 Hijriyah
Tidak ada komentar:
Posting Komentar